KAULINAN - KAULINAN BARUDAK BAHEULA
Éngklé/Demprak
Kaulinan
 engklek/demprak mangrupa kaulinan tradisional lompat-lompatan dina 
bidang-bidang datar anu digambar dina taneuh,kalawan midamel gambar 
kotak-kotak saterusna ngaluncat kalawan hiji suku ti kotak hiji kakotak 
saterusna. 
Kaulinan
 engklek dawam diulinkeun ku 2 dugi 5 jalmi sarta dipigawe di palataran.
 Anging,sateuacan urang mimitian kaulinan ieu urang kedah mengambar 
kotak-kotak di pelataran semen,aspal atawa taneuh, ngagambar 5 sagi opat
 dempet vertikal saterusna di palebah katuhu sarta kenca dibere deui 
hiji sagi opat.
Luncat Tali
Kaulinan ieu atos henteu sejen deui, margi kaulinan luncat tinggi ieu tiasa di panggihan ampir di sakabeh indonesia sanaos wastana anu benten-benten. kaulinan luncat tali ieu biasana identik jeung kaum awewe. anging oge henteu sakedik budak lalaki anu ngiring ulin.
Ucing Sumput
kaulinan
 néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing 
ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. 
Aya rupa-rupa aturan.
Kaleci/Kelereng
Kaleci
 nyaeta bal alit didamel ti taneuh liat, marmer atawa kaca kanggo 
kaulinan barudak. Ukuran kaleci macem-macem. Umumna ½ inci ti tungtung 
ka tungtung. Kelereng sakapeung-sakapeung dikoleksi, kanggo tujuan 
nostalgia sarta warnana anu estetik.  
Béklen
nyaéta
 kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun 
di jero imah atawa téras. Kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal béklenna nu 
bahanna tina karét, rata-rata dipaénkeun ku sababaraha urang, kewukna 
bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rék 20 gé kaci, ngan kudu bisa 
karanggeum ku leungeun. Nu maraénna andeprok na téheul nu beresih 
nguriling jiga samodél lingkaran.
Boy - Boyan
kaulinan
 anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu 
ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus 
malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus 
nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
Cingciripit
Kaulinan
 budak ieu minimal dilakukeun ku 3 urang, saurang nu jadi ucing kudu 
namprakeun leungeun, ari nu lainna neundeun curuk kana leungeun ucing. 
Terus bari nembangkeun kawih :"Cingciripit Tulang Bajing Kacapit kubulu 
pare Bulu pare seuseukutna Jol Pak Dalang Mawa Wayang 
Jrek...jrek..nonnng!!". Pas dina bait jrek.. jrek... nong! leungeun 
ucing nu namprak gancang dikeupeulkeun, anu teu kebat ngejatkeun curukna
 / curukna kakeupeul gantian jadi ucing.
Dam-daman
kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.
Galah Asin
kaulinan
 maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang 
lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa 
beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.
Gatrik
Gatrik
 mangrupa kaulinan kelompok, diwangun ku dua kelompok. Ieu kaulinan 
ngagunakeun pakakas mangrupa dua potongan. Anu hiji siga iteuk ukuranana
 kurang leuwih 30 cm, sarta lianna deui ukuranana langkung alit. Gatrik 
biasana dipigawé di lapang atawa halaman nu nembrak. Jumlah pamaénna 2 
tim, unggal tim diwangun ku 2-5 budak. Keur dadasar gatrik, biasana 
dipaké batu atawa barang sanés anu tiasa dipaké minangka dadasar. Ieu 
kaulinan merlukeun kaparigelan katut katangginasan. Pamaén kedah ati-ati
 nalika ngulinkeun ana sabab lamun gatrikna beuki gancang, tim nu néwak 
kudu tapis nyingkahan tatu alatan kakeunaan ku kai gatrik. Cara 
ngulinkeun gatrik ieu di saban wewengkon tiasa béda-béda.
Sorodot Gaplok
Sorodot gaplok nyaéta ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
Oray - Orayan
'Oray'-orayan nyaéta kawih kaulinan anu dilakukeun ku barudak nu rék ulin oray-orayan, biasana saméméh ulin oray-orayan sok silih cekel heula taktak. Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunana jeung saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu katempona ngaléor siga oray bari ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan budak nu keur jaga jadi guha nepi kaasup salah saurang budak tuluy dititah milih rék kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka hiji guha katuhu atawa rék milih kelompok nua ka dua guha ka kénca
Panggal
Papanggalan (istilah lianna: panggal, gasing, gangsing), nyaéta kaulinan anu bisa muter dina sumbu sarta boga kasaimbangan dina hiji titik.Sajaba ti mangrupa kaulinan barudak jeung jelema dewasa, gasing ogé dipaké pikeun ngadu sarta ngaramal nasib. lolobana gasing dijieun tina kai, sanajan mindeng ogé dijieun tina palastik, atawa bahan-bahan séjén. Kai diukir sarta dijieun nepi ka jadi bagian awak gasing. Tali gasing umumna dijieun tina nilon, sedengkeun tali gasing tradisional dijieun tina kulit tangkal. Panjang tali gasing béda-béda gumantung kana panjang leungeun jelema anu maénkeunana.





 
 
No comments:
Post a Comment