Showing posts with label Bahasa Sunda. Show all posts
Showing posts with label Bahasa Sunda. Show all posts

Thursday, July 4, 2019

Bahasa Sunda : KARINDING



PANGJAJAP


Puji sinareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu makalah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa Guru. Sholawat sinareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka sahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Amin Yarabal Alamin.

Makalah ieu di judulan ku Budaya Sunda ngeunaan Karinding. Panyajian anu aya dina makalah ieu nyaeta ngeunaan Karinding, anu tujuanna pikeun nyumponan pancen ti Guru Basa Sunda. Tujuan anu séjénna nyaéta pikeun kanyaho urang kana budaya Karinding.

Saleres-leresna makalah ieu pasti wae aya kakiranganna anu teu di sadari ku simkuring saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca anu nyusun makalah ieu nyuhunkeun kritikan sareng saran ti Bapa Guru mata pelajaran pikeun nyampurnakeun makalah ieu pikahareupeun.

Tungtung basa, simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka Bapa  Guru anu parantos ngabimbing simkuring saparakanca kana nyusunna ieu makalah. Oge simkuring saparakanca salaku anu nyusun ieu makalah ngaharepkeun supaya ieu makalah aya manfaatna kanggo urang sadayana.aamin





Bogor,  Oktober 2018




Panyusun,






BAB I
BUBUKA


A.      Kasang Tukang

Karinding kaasup kana salah sahiji kasenian rakyat nu masih kénéh aya di Jawa Barat, sanajan kaayanana kurang diminati ku para generasi muda kana kasenian Karinding. Pusat Karinding nyaéta di Parakan Muncang. Di dieu, Karinding sok dipaénkeun dina acara-acara hajat, saperti hajat lembur, hajat buruan, hajat caang bulan, atawa ukur hobi. Sosok nu terkenal di masa ieu nyaéta Bah Olot. Tapi, saur Bah Olot mah Karinding teh tos ramé di Parakan Muncang ti jaman Bah Entang. Kaluarga Bah Olot ti mimiti buka Parakan Muncang geus terkenal ku pangrajin alat bambu jeung karinding. Ti Parakan Muncang, kasenian ieu terus berkembang nepi ka masarakat Gunung Manglayang jeung Ujung Berung.
B.        Watesan Masalah
1.         Naon Karinding téh?
2.         Sumebarna/Sajarah kasenian Karinding kumaha?
3.         Kumaha cara nabeuh Karinding téh?
4.         Naon mangpaat Karinding?
C.      Tujuan Ditulisna
Tujuan ditulisna makalah ieu nyaeta supaya terang kana :
1.         Naon eta Karinding
2.         Sumebarna/Sajarah Karinding
3.         Cara nabeh Karinding
4.         Mangpaat  Karinding



BAB II
PEDARAN

1.    Pangertian Karinding
Karinding mangrupa salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaeta: Darmaraja (Sumedang), Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, Lewo Malangbong, (Garut) sareng Cikalongkulon (Cianjur) nu ngadamel karinding tina palapah kawung . 
Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding teh didamelna tina awi, ieu nandaan taun didamelna, jeung nu nganggona ge para wanoja istri, hal ieu katiten tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung atanapi rambut para wanoja. Karinding tina kawung sesuseurna dianggo ku pameget, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu buku (ruas).
2.    Sumebarna/Sejarah Karinding
Karinding sumebar kalawan lega di wewengkon Banten jeung Jawa Kulon. Ari di Banten, utamana aya di kampung Gajéboh wewengkon adat Baduy. Di Jawa kulon aya sababaraha wewengkon nu dipikawanoh minangka wewengkon nu ngahasilkeun karinding, nyaéta: Citamiang, Pasirmukti, Cineam, Tasikmalaya, lingkung Karinding Sadulur (Kasalur), Cikunten Mangkubumi, (Tasikmalaya), Lingkung Karinding Tunggal Ciamis, Lewo Malangbong, (Garut), jeung Cikalongkulon (Cianjur) nu nyieun karinding tina palapah kawung. Di wewengkon Limbangan jeung Cililin mah, karinding téh dijieunna tina awi, ieu nandaan taun dijieunna, jeung nu makena gé para wanoja istri. Hal ieu katiten tina wangunna nu jiga cucuk gelung nu gampil ditancebkeun dina gelung para wanoja rambut. Karinding tina kawung lolobana dipaké ku lalaki, wangunna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu buku (ruas).
3.    Cara Nabeuh Karinding
Karinding disimpen dina biwir, terus tepak bagian paneunggeulna ngarah kacipta résonansi sora. Karindng biasana ditabeuh sacara solo atawa grup (2 nepi ka 5 urang). Hiji di antarana disebut juru kawih anu ngatur ritem. Di wewengkon Ciawi, baheulana karinding diulinkeun jeung takokak (pakakas musik bentukna kawas daun). Kiwari, nabeuh karinding diinovasi dibarungan ku pakakas musik séjénna.
Sangkan jadi wirahma, carana karinding ditabeuhna ku cara semu ditiup ku hawa tina baham. bédana nabeuh karinding jeung alat musik jenis mouth harp séjénna nyaéta lebah tepakan. Ari nu séjénna mah ditoèl. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu béda-béda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahel, nyaéta keur ngabédakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula makè rahél kahiji, anu kadua maké rahél kadua, jeung saterusna.
Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora anu mirip sora wirahma waditra séjén, antarana baé sora kendang, goong, saron bonang atawa bass, rhytm, melodi jeung sajabana. Malah ku karinding bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu béda jeung sora tina baham nu bisa divariasikeun bisa ngagampangkeun urang ngahasilkeun sora nu warna-warni. Ceuk kolot, baheula mah ngalagu téh bisa ku karinding, upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun nyarita, tapi sora anu kaluarna sada sora robotik.
4.    Mangpaatna
Karinding téh dipercaya boga mangpaat pikeun pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina ke leterna jarum karinding kaitung sora nu handap low decible. Sorana dihasilkeun tina ditabeuhna gagang karinding ku tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. éta sora nu kaluar téh ngan kadenge ku sabangsa sasatoan insekta, kayaning wereng, simeut, jangkrik, atawa ogé ku manuk, jeung sajabana. Kiwari éta sora téh disebutna ultrasonik. Sanajan kitu, can aya panalungtikan ilmiah anu husus ngulik perkara sora karinding patali jeung mangpaatna kana ngusir hama. Salian ti ngusir hama, mangpaat karinding ogé pikeun ngabeberah manéh, sangkan betah waktu jaga sawah atawa huma.



BAB III
PANUTUP

A.    Kasimpulan
Alat karinding teh alat pikeun musik ti sunda buhun pikeun ngadeukeutkeun ka Yang Widi nu Maha Tunggal baheula na teh," Ceuk salah sahiji sesepuh urang Sumedang. Jiga rebana mun di Islam mah.Jadi, kasénian Génggong téh salah sahiji kasénian ti Sumedang anu kudu dilestarikeun ku masyarakat Sumedang terutama ku masyarakat sakitarna.
B.     Saran
Simkuring saparakanca nyadar, yén makalah ieu téh jauh ti kata sampurna. Ku kituna, para pambaca disarankeun milarian deui referensi nu sanésna kanggo nambah ilmu pengetahuan ngeunaan Karinding.

Monday, June 24, 2019

Kaulinan (Permainan) Barudak Baheula



KAULINAN - KAULINAN BARUDAK BAHEULA

Éngklé/Demprak
Kaulinan engklek/demprak mangrupa kaulinan tradisional lompat-lompatan dina bidang-bidang datar anu digambar dina taneuh,kalawan midamel gambar kotak-kotak saterusna ngaluncat kalawan hiji suku ti kotak hiji kakotak saterusna. 
Kaulinan engklek dawam diulinkeun ku 2 dugi 5 jalmi sarta dipigawe di palataran. Anging,sateuacan urang mimitian kaulinan ieu urang kedah mengambar kotak-kotak di pelataran semen,aspal atawa taneuh, ngagambar 5 sagi opat dempet vertikal saterusna di palebah katuhu sarta kenca dibere deui hiji sagi opat.

 

Luncat Tali

 

Kaulinan ieu atos henteu sejen deui, margi kaulinan luncat tinggi ieu tiasa di panggihan ampir di sakabeh indonesia sanaos wastana anu benten-benten. kaulinan luncat tali ieu biasana identik jeung kaum awewe. anging oge henteu sakedik budak lalaki anu ngiring ulin.


Ucing Sumput


kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.

 

Kaleci/Kelereng

Kaleci nyaeta bal alit didamel ti taneuh liat, marmer atawa kaca kanggo kaulinan barudak. Ukuran kaleci macem-macem. Umumna ½ inci ti tungtung ka tungtung. Kelereng sakapeung-sakapeung dikoleksi, kanggo tujuan nostalgia sarta warnana anu estetik.

Béklen 
nyaéta kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras. Kudu aya kewuk/kuwuk jeung bal béklenna nu bahanna tina karét, rata-rata dipaénkeun ku sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa kumaha karepna, rék 20 gé kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku leungeun. Nu maraénna andeprok na téheul nu beresih nguriling jiga samodél lingkaran.

Boy - Boyan
kaulinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.

 Cingciripit
Kaulinan budak ieu minimal dilakukeun ku 3 urang, saurang nu jadi ucing kudu namprakeun leungeun, ari nu lainna neundeun curuk kana leungeun ucing. Terus bari nembangkeun kawih :"Cingciripit Tulang Bajing Kacapit kubulu pare Bulu pare seuseukutna Jol Pak Dalang Mawa Wayang Jrek...jrek..nonnng!!". Pas dina bait jrek.. jrek... nong! leungeun ucing nu namprak gancang dikeupeulkeun, anu teu kebat ngejatkeun curukna / curukna kakeupeul gantian jadi ucing.

Dam-daman
kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.

Galah Asin
kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.

Gatrik
Gatrik mangrupa kaulinan kelompok, diwangun ku dua kelompok. Ieu kaulinan ngagunakeun pakakas mangrupa dua potongan. Anu hiji siga iteuk ukuranana kurang leuwih 30 cm, sarta lianna deui ukuranana langkung alit. Gatrik biasana dipigawé di lapang atawa halaman nu nembrak. Jumlah pamaénna 2 tim, unggal tim diwangun ku 2-5 budak. Keur dadasar gatrik, biasana dipaké batu atawa barang sanés anu tiasa dipaké minangka dadasar. Ieu kaulinan merlukeun kaparigelan katut katangginasan. Pamaén kedah ati-ati nalika ngulinkeun ana sabab lamun gatrikna beuki gancang, tim nu néwak kudu tapis nyingkahan tatu alatan kakeunaan ku kai gatrik. Cara ngulinkeun gatrik ieu di saban wewengkon tiasa béda-béda.

Sorodot Gaplok


Sorodot gaplok nyaéta ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun

Oray - Orayan


'Oray'-orayan nyaéta kawih kaulinan anu dilakukeun ku barudak nu rék ulin oray-orayan, biasana saméméh ulin oray-orayan sok silih cekel heula taktak. Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunana jeung saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu katempona ngaléor siga oray bari ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan budak nu keur jaga jadi guha nepi kaasup salah saurang budak tuluy dititah milih rék kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka hiji guha katuhu atawa rék milih kelompok nua ka dua guha ka kénca

Panggal


Papanggalan (istilah lianna: panggal, gasing, gangsing), nyaéta kaulinan anu bisa muter dina sumbu sarta boga kasaimbangan dina hiji titik.Sajaba ti mangrupa kaulinan barudak jeung jelema dewasa, gasing ogé dipaké pikeun ngadu sarta ngaramal nasib. lolobana gasing dijieun tina kai, sanajan mindeng ogé dijieun tina palastik, atawa bahan-bahan séjén. Kai diukir sarta dijieun nepi ka jadi bagian awak gasing. Tali gasing umumna dijieun tina nilon, sedengkeun tali gasing tradisional dijieun tina kulit tangkal. Panjang tali gasing béda-béda gumantung kana panjang leungeun jelema anu maénkeunana.