Thursday, July 4, 2019

Bahasa Sunda : IKET



PANGJAJAP



Puji sinareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu makalah kanggo nuntaskeun pancen ti Bapa Guru. Sholawat sinareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam nyatana Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina sareng ka sahabatna sareng mudah-mudahan dugi ka urang sadayana. Amin Yarabal Alamin.

Makalah ieu di judulan ku Budaya Sunda ngeunaan Iket Sunda. Panyajian anu aya dina makalah ieu nyaeta ngeunaan Iket Sunda, anu tujuanna nyaeta pikeun nyumponan pancen ti Guru Basa Sunda. Tujuan anu sanesna nyaéta pikeun nambah wawasan budaya ngeunaan Iket Sunda.

Saleres-leresna makalah ieu pasti wae aya kakiranganna anu teu di sadari ku simkuring saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca anu nyusun makalah ieu nyuhunkeun kritikan sareng saran nu ngawangun pikeun kahadean mangsa kahareupna

Tungtung basa, simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka Bapa Guru anu parantos ngabimbing simkuring saparakanca kana nyusunna ieu makalah. Oge simkuring saparakanca salaku anu nyusun ieu makalah ngaharepkeun supaya ieu makalah aya manfaatna kanggo urang sadayana.aamin










Bogor, Oktober 2018


Panyusun,






DAPTAR EUSI





HALAMAN JUDUL.....................................................................................................

PANGJAJAP.................................................................................................................

DAFTAR EUSI.............................................................................................................

BAB I PENDAHULUAN..........................................................................................

A. Kasang Tukang................................................................................................

B. Tujuan..............................................................................................................

C. Watesan Masalah.............................................................................................

BAB II EUSI................................................................................................................

A. Hartos Iket......................................................................................................

B. Sajarah Iket.....................................................................................................

C. Pungsi Iket......................................................................................................

D. Jenis Rupa Iket................................................................................................

E. Wangun Iket Sunda........................................................................................

F. Rupa-rupa Iket................................................................................................

BAB III PENUTUP......................................................................................................

KECINDEKAN...............................................................................................

REFERENSI...................................................................................................................






BAB I

BUBUKA



A. Kasang Tukang
Di Jawa Kulon, utamana di masarakat Sunda, tutup sirah nu dijieunna tina lawon katelah iket atawa totopong atawa udeng, sadayana panutup sirah nu fungsi na kanggo kalengkepan busanan. Salian salian ti iket aya ogé dudukuy nyaéta panutup sirah dijieun tina tatangkalan kayaning awi, kai jeung daun anu ngan boga fungsina nyaeta ngajagaan sirah tina panonpoé sarta hujan.

Di jaman kuno iket ogé ngagambarkeun kelas di masarakat, jeung bédana katempo dina posisi jalma (lalaki) dina kahirupan sapopoe. Sajaba iket Sunda ogé salaku bagian tina kalengkepan busana anu ogé dipaké pikeun minuhan kaperluan budaya pakait sareng nilai budaya, adat jeung cara hirup masarakat.

Makna Iket sunda awalna nyaeta kecap umum hartina tali iket atanapi iketan. Ngan, kusabab nu di iketna sirah (lalaki) jeung lumangsung nalika dangdan atawa dangdos atawa dangdanan tungtungna kecap iket janten hiji kecap husus.

B. Watesan Masalah
1. Naon hartina iket?

2. Kumaha sajarah iket?

3. Naon wae pungsi iket?

4. Naon wae Jenis Rupa Iket?

5. Naon wae Wangun Iket Sunda?

6. Naon wae Rupa-rupa Iket?

C. Tujuan Ditulis

Tujuan ditulisna iye makalah nyaeta supados terang kana :

1. Definisi iket

2. Sajarah iket

3. Pungsi jeung rupa – rupa iket






BAB II

PEDARAN

A. Hartos Iket

Iket, Totopong, atawa Udeng nyaeta tutup mastaka tina kaen pasagi kalayan pola has kultur jeung budaya asalna iket. Iket dijieunna tina kaén batik atawa kaén polos, gedéna 1 m2. Kaén satengah meter disebut satengah iket (dibeulah sacara diagonal), biasa disebut ''totopong'' . Motif anu biasa dipaké pikeun iket nyaéta ''sida mukti'', ''manyingnyong'', ''batik kumeli'', ''batik kangkung'', ''katuncar mawur'', ''kawung écé'', ''kalangkang ayakan'', ''seumat karuhun'', ''porod eurih'', ''giringsing'', jsb. Kaén polos anu dipaké pikeun iket nyaéta kaén bodas anu biasa dipaké Puun di Banten, kaén biru kolot, sarta warna coklat salaku lambang kabasajanan. Ayeuna geus jarang pisan anu maké iket iwal di kampung. Di kota ngan saukur dipaké dina acara-acara anu tangtu jeung dina paméntasan calung, réog atawa ogél. Dina basa Sunda aya babasan caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket. Iket nyaéta ngaran papakéan lalaki dina batik atawa baheula mah wulung atawa bodas warnana pikeun dibudeurkeun kana sirah nutupan buuk orang sunda.

B. Sajarah Iket
Dina sajarahna iket dibagi jadi dua bagian nyaeta iket buhun (iket baheula) jeung iket kiwari (iket modern/iket praktis). Iket Buhun nyaeta model iket anu dirancang ku sesepuh zaman bahela di wewengkon Pasundan sarta kabentuk ti lawon segi opat narilep jeung aturan husus ku kituna pikeun ngabentuk model Barangbang Semplak, Julang Ngapak, Parekos Jengkol, Buaya Ngangsar, jeung model-model iket anu biasa dipakai di kampung-kampung adat. dina sajarah iket, pangaranan didumasarkeun kana model tur kumaha carana ngabentuk eta iket, dimana tiap ngaran iket ngakibatkeun makna iket nu béda béda

C. Pungsi Iket
Ø Pungsi Praktis
Di masarakat, salian miboga pungsi keur nutup rambut iket ogé dipaké keur nutupan mastaka, kitu ogé mibaga pungsi pikeun pakarang pikeun ngajaga diri nalika aya tarajangan ngadadak. Lian ti éta pungsina pikeun pakakas atawa parabot pikeun nyimpen jeung mawa banda.
Ø Pungsi Estetis

Salian pikeun nutupan jeung mayungan bagéan mastaka, iket ogé bisa dipaké pikan méré kaéndahan dina papakéan lalaki jeun jadi bagéan kalengkepan papakéan anu mantes keur lalaki.
Ø Pungsi Simbolis

Aya sababaraha jinis rupa iket anu ukur dipaké ku jalma tangtu/teu samanéa, ilaharna dina hiji kasempetan atawa acara. Kawas iket anu maké ragam hias tritik keur budak sunatan, iket dina motif hias aksara Arab anu dipaké ku santri jeung jinis iket lianna anu dipaké numutkeun status atawa kapentingan tangtu anu makéna. Biasana di lembur adat aya sababaraha rupa iket anu ukur dipaké ku sesepuh dina hiji acara adat.

D. Jenis Rupa Iket
1. Rupa iket rékaan bihari / lembur adat
· Rupa iket anu ti baheulan nepi kiwari masih dipikawanoh tur dipaké ku masarakat;
· Ilaharna dipaké ku para sepuh;
· Lolobana rupa iketna nutup palebah luhurna;
· Dipiboga ku Lembur Adat / Wewengkon Rumah Adat. 

2. Rupa iket rékaan kiwari / masa kini
· Rupa iket beunang kamotékaran jalma kiwari anu can kungsi aya ti baheulana;
· Mindeng dipaké ku barudak ngora;
· Teu dipimilik ku Lembur Adat / Wewengkon Rumah Adat. 

3. Iket praktis
· mangrupa rupa iket beunang kamotékaran kiwari anu dijieun tina kaén segi opat atawa segi tilu, dijieun diluyukeun jeung rupa iket anu aya boh anu bihari, ogé anu kiwari;
· Ngagunakeun sistem kaputan/kécos;
· Tinggal dipaké kawas kopéah atawa topi;
· Dipaké ku sepuh jeung budak ngora;
· Rupa iket diwilah-wilah numutkeun kaputanana :
1. Iket praktis kaputan utuh;
2. Iket praktis kaputan misah;
3. Iket praktis kabula-kabalé.

E. Wangun Iket Sunda
1. WARUGA; disebut ogé awak iket, aya kalana kosong, taya modang, juru jeung pager. Namung aya ogé anu lengkep, dieusi modang, juru jeung pager. ogé aya kalana dieusian ku motif tangtu mangrupa batik, biasana sadaya bagéan kaén pinuh ku motif anu gambarna rupa-rupa jinis, boh simbol jeung kode/siloka filosofi kitu deui ku catetan sajarah.

2. MODANG; rupa masagi leutik di tengah iket, aya anu diagonal atawa sarupa jeung waruga iket.

3. JURU; JURU JERO – JURU LUAR; bagéan juru anu tepung dina pager/modang; di sababaraha motif iket dibéré aksen gambar, mangrupa logo, simbol atawa wangun anu pamaknaanana anu nyirikeun hal tangtu; bagéan ieu ukur di sababaraha iket kuno wungkul, kiwari dikembangkeun di sababaraha désain iket keur organisasi.

4. PAGER; sabudeureun sisi kaén anu dibéré motif tangtu pikeun estetika ogé pamaknaan.

F. Rupa-rupa Iket
Rupa-rupa iket di antarana:
· Perengkos nangka, basajan pisan jeung babari dipakéna ukur dibeulitkeun dina sirah biasana dipaké ku kolot nalika keur rusuh. Wangunna siga bungkus nangka. Di Banten disebut baréngkos tapay bungkus peuyeum
· Barangbang semplak, biasana dipaké ku para jawara, wangunna mirupa barangbang/watang daun kalapa garing nu ngampléh kaén segi tilu disimpen lebah tukang, sarta bagian luhurna muka (nepi ka katémbong buuk)
· Julang ngapak, dipaké ku kolot wanda iket anu mirupa jangjang manuk julang nu keur ngapak/mébér.
· Porténg, biasana dipaké ku pamuda wangunna iket anu culana nangtung dihareup sarta tungtung kaénna digulungkeun ka tukang
· Talingkup biasana dipaké ku aki-aki, iket anu culana dina tarang sarta niungan panon. asal kecapna tina linkup (kanékés) nu hartina nutup Talingkuh hartina bisa nutup
· Borongsong kéong atawa kékéongan,jang budak ngora wangunna mirupa kéong
· Udeng pikeun dipaké ku kolot biasana dipaké nalika acara resmi
· Kuda ngencar, dipaké ku jawara ngora wangunna culana di tukang, ngampléh ka handap tapi tuluy melengkung ka luhur.
· Bungkus peuyeum biasana dipaké ku tukang macul
· Babalian, dipaké ku budak ngora
· Mamakasaran, dipaké ku para rumaja
· Kuda nyicir, dipaké ku budak ngora.
· Iket raja atawa ksatria anu dipaké dina sandiwara
· Totopong, pikeun kolot anu diangap leuwih kasar ti batan udeng




BAB III

KECINDEKAN



Iket, Totopong, atawa Udeng nyaeta tutup mastaka tina kaen pasagi kalayan pola has kultur jeung budaya asalna iket. Iket dijieunna tina kaén batik atawa kaén polos, gedéna 1 m2. Kaén satengah meter disebut satengah iket (dibeulah sacara diagonal), biasa disebut ''totopong'' .

Di masarakat, salian miboga pungsi keur nutup rambut iket ogé dipaké keur nutupan mastaka, kitu ogé mibaga pungsi pikeun pakarang pikeun ngajaga diri nalika aya tarajangan ngadadak. Lian ti éta pungsina pikeun pakakas atawa parabot pikeun nyimpen jeung mawa banda, ogé bisa dipaké pikan méré kaéndahan dina papakéan lalaki jeun jadi bagéan kalengkepan papakéan anu mantes keur lalaki. Aya oge sababaraha jinis rupa iket anu ukur dipaké ku jalma tangtu/teu samanéa, biasana di lembur adat aya sababaraha rupa iket anu ukur dipaké ku sesepuh dina hiji acara adat.
Jinis rupa iket aya sababaraha hiji nyaeta Rupa iket rékaan bihari / lembur adat, Rupa iket rékaan kiwari / masa kini, jeung Iket praktis. Wangun Iket Sunda oge aya sababaraha hiji diantarana waruga, Modang, Juru jeung Pager. Rupa-rupa Iket diantarana nyaeta Perengkos nangka, Barangbang semplak, Julang ngapak, Porténg, Talingkup, Borongsong kéong, Kuda ngencar, Bungkus peuyeum, Babalian jeung sajabana

No comments:

Post a Comment